Imajiner
Ririwa just login…
Ririwa: “Sampurasun”
Blogie: “Rampes”, piye kabare?
Ririwa: Apik, Kowe?
Blogie: Apik Tenan.kamana hungkul lawas tilawas euweuh beja?
Ririwa: Nya kitu tea blog, sibuk teu puguh
Blogie: Sibuk naon atuh?
Ririwa: Hehehehe, “biasalah sibuk di BR” da di toko mah keur sepi pisan
Blogie: Oh, lain rek pindah gawe didinya teh?
Ririwa: Heueuh ari kahayang mah
Ririwa: Ngan can aya keneh, ieu ge keur nunggu info ti dulur
Blogie: Oh, nya sugan weh geura meunang nu anyar
Blogie: Da di toko ayeuna mah naon nu rek di pulungna, toko geus bangkrut
Ririwa: Hahahahaha, heueuh euy
Ririwa: Gawe teh kawas kerja bakti kieu, asup unggal poe ari gaji dicicil
Blogie: Wekekekekekekeke
Blogie: Parah maneh mah boga bos teh, boa2 bener nya nu ceuk c ria!
Ririwa: Naon tea?
Blogie: Kowe, tresno karo bos?
Ririwa: ‘jiahahahahahahaha’, Gelo sugan urang resep ka lalaki deui mah
Ririwa: Goreng2 ge normal keneh, beuki ka awewe ![]()
Blogie: Hahahahaha
Blogie: Bohong maneh mah
Blogie: Ari beuki ka awewe, naha atuh urang tara ningali maneh ulin?
Ririwa: ‘wew’, maenya kudu laporan tiap rek ulin
Ririwa: Ari eta urang Bogor, Indramayu, Pasteur, Paskoj, MargaHayu, Cisitu, dkk naon?
Blogie: Hahahahaha, beda atuh eta mah
Blogie: Ieu mah nu sepesial pake hati ![]()
Ririwa: Hehehehehehe
Ririwa: Heueuh euy, tadina mah sugan teh geus manggih
Ririwa: Ari pek teh..
Blogie: Kunaon? Teu ngajadi? Kumaha Dongengna? Nu mana Jelemana?
Ririwa: Hahahahaha…. eta nanya siga reserse wae euy!
Blogie: Nya wajar weh, da uing teh panasaran!
Ririwa: Heug atuh ku urang di dongengkeun, regepkeunnya….!
Blogie: Wokeh..!
Ririwa: ——————–
Ririwa Just Sign Out…
